B. Daerah

Pertanyaan

Sebutkeun unsur-unsur kakawihan!

1 Jawaban

  • Kakawihan nyaeta salahsahiji rupa lalaguan Sunda. Aya sababaraha rupa lalaguan Sunda, nyaeta sapert kakawihan, kawih jeung tembang. Umpama ditilik tina rumpakana, kakawihan, kawih jeung tembang oge mangrupakeun karya sastra wangun ugeran atawa puisi. Kakawihan jeung kawih mangrupakeun wangun puisi anu henteu kaiket ku aturan. Sedengkeun tembang mangrupakeun wangun puisi anu kaiket ku atiran, nyaeta aturan pupuh. Aturan anu aya dina pupuh disebut guru lagu jeung guru wilangan.

    Anu ngabedakeun kawih jeung kakawihan nyaeta ari kakawihan mah biasa dihaleuangkeunnana dina waktu keur ulin atawa dina waktu keur digawe. Sedengkeun kawih mah biasa dihaleuangkeunnana iraha wae. Sanajan kakawihan henteu kaiket ku guru lagu jeung guru wilangan saperti anu aya dina tembang, dina kakawihan aya sababaraha unsur anu bisa digunakeun pikeun nilik atawa nganalisa rumpaka kakawihan. Unsur-unsur anu aya dina kakawihan nyaeta unsur jejer atawa tema, unsur nada jeung suasana, unsur rasa, jeung unsur amanat.

    Tema atawa jejer kakawihan nyaeta hal poko anu ngajiwaan eusi rumpaka kakawihan. Nada jeung suasana kakawihan nyaeta sikep anu nulis rumpaka kakawihan anu karasa ku anu ngaregepkeun atawa nu maca kakawihan. Rasa kakawihan nyaeta anu ngagambarkeun sikep nu kakawihan kana poko pasualan nu aya dina rumpaka kakawihan. Kukituna rasa kakawihan bakal kaciri umpama eta kakawihan dihaleuangkeun. Amanat kakawihan nyaeta perkara atawa pasualan anu hayang ditepikeun ku anu ngahaleuangkeun kakawihan atawa anu ngarang kawih ka anu maca atawa anu ngaregepkeun eta kakawihan.

Pertanyaan Lainnya